RENGHAP PANUNGTUNG

Nyawang raga nu ngalumburuk ,

renghap panungtung anjeun ngan nepi na congo tikoro

Teu bisa kebat ,

sabab Urat beuheung kaburu paragat .

Di letak seuseukeut pedang .

Raga  nu,teu walakaya...

nyangkoreh disangkeh taneuh  beueus ,

digalentoran ku getih haneut ,

nu ngaley ...nganteur kapeurih hate,nu teu acan kungsi kedal.

( Tawis Kadeudeuh Ka Ruyati nu perlaya di saudi Arabia )